Selamat Datang di Layanan Akademik Institut Agama Islam Sukabumi, Membuka Pendaftaran Penerimaan Mahasiswa Baru (PMB) dan Pindahan Tahun Akademik 2025/2026 dengan beberapa Program Studi/Jurusan sebagai berikut : S1 Komunikasi dan Penyiaran Islam, S1 Bimbingan dan Konseling Islam, S1 Manajemen Pendidikan Islam, S1 Pendidikan Guru MI, S1 Pendidikan Islam Anak Usia Dini, S1 Ilmu Al-Qur'an dan Tafsir, S1 Ekonomi Syari'ah dan S1 Perbankan Syari'ah. Untuk Info Pendaftaran Bisa Menghubungi : 0858-6297-8043 atau 0857-2215-1619

Guyonan Sunda Kabiasaan Awon


Guyonan Sunda Kabiasaan Awon

Nani : Saacan nampi kana cinta Akang, Nani hoyong terang heula kabiasaan akang anu sae, naon wae?
Obay : Upami nuju emut wae ka Nani, Akang langsung solat wengi, teras ngaos Qur'an. Tiap Senen Kemis, akang saum tara kalangkung. Teras upami cinta ka hiji wanoja, akang tara nolih ka nu sanes. Akang mah berehan tur someah deuih. Pokona, Akang mah bageur lah.
Nani : Cekap. Muhun Nani bagja pisan gaduh kabogoh jiga Akang. Tah ayeuna kabiasaan Akang nu awonna naon?
Obay : Mung hiji, Nani ...
Nani : Naon??
Obay : Upami nyarios, akang bohong wae.
Nani : Huuuuh, gedebul.