Guyonan Sunda Neangan Tablet
Susan
ngajak indungna, Bi Uti néagan ponsél nu rada gedé di toko HP, nu pernahna teu
jauh ti apoték.
Bi
Uti : Kop atuh San milihan, hayang HP nu kumaha!
Tapi
weléh teu manggih-manggih.
Susan:
Ema da Susan mah alim nu kieu.
Bi
Uti : Hayang nu kumaha atuh?
Susan:
Susan mah hoyong TABLÉT.
Bi
Uti : Euuuh, lain di dieu atuh néanganana. Hayu tuturkeun Ema, ari hayang
TABLÉT mah.
Bi
Uti satengah ngagusur Susan, gura-giru ngajak asup ka apoték, rék nenagan
TABLÉT, pokna.
Susan:
Emaaaaa...!
0 Komentar