-->

Guyonan Sunda Nguseup Lauk


GUYONAN SUNDA NGUSEUP LAUK
Tilu tukang nguseup keur ngaradu kapinteran dina widang nguseup. Maranehna pada nembongkeun kasombonganana.
Juned : Dipikir-pikir eupan anu dewek pang hebatna yeuh. Karek oge dicenplungkuen kana kolam, lauk geus parebut.
Ohim : Isssss, ke heula. Eupan anu kuring nu alus mah. Karek oge dicekelan dina leungeun, lauk geus sing arajol ka luhur bari ngomong: "Gancangan Him alungkeun, geus teu sabar yeuh, hayang nyapluk eupan nu maneh." Tuh nya, lauk geus teu sabar.
Usin : Eyyyyy, ke heula. Nu uing nu pang hebatna mah. Nu maraneh mah can nanaon...
Juned + Ohim : Naon hebatna nu ilaing Usin?
Usin : Lamun kuring nguseup poe Minggu, tah poe Saptu, lauk geus sing torojol ka imah kuring pada naranyakeun: "Mang Usin, enjing teh janten nguseup tea? Diantos nya?“ Kitu pokna. 
Juned + Ohim: (bari neke) Heuuuuuuh.


0 Response to "Guyonan Sunda Nguseup Lauk"

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel

-->