Guyonan Sunda Obat Reungit
Ojat
ngeluh lantaran di kamarna loba reungit. Geus dipasang anti nyamuk nu pang alusna,
reungit tetep loba.
Ojat
: Kuring mah pusing, naha di kamar teh loba-loba teuing reungit?
Usin
: Atuh gampang eta mah, Lur.
Ojat
: Cik cik cik kudu kumaha?
Usin
: Awuran kamar teh ku pasir.
Ojat
: Sakumaha lobana?
Usin
: Sapinuh kamar, nepi kana lalangit. Insyaalloh moal aya reungit.
Ojat
: Borokokok siah (Ojat ngaleos ambek).
0 Komentar