Selamat Datang di Layanan Akademik Institut Agama Islam Sukabumi, Membuka Pendaftaran Penerimaan Mahasiswa Baru (PMB) dan Pindahan Tahun Akademik 2025/2026 dengan beberapa Program Studi/Jurusan sebagai berikut : S1 Komunikasi dan Penyiaran Islam, S1 Bimbingan dan Konseling Islam, S1 Manajemen Pendidikan Islam, S1 Pendidikan Guru MI, S1 Pendidikan Islam Anak Usia Dini, S1 Ilmu Al-Qur'an dan Tafsir, S1 Ekonomi Syari'ah dan S1 Perbankan Syari'ah. Untuk Info Pendaftaran Bisa Menghubungi : 0858-6297-8043 atau 0857-2215-1619

Guyonan Sunda Pertandingan Tinju



Guyonan Sunda Pertandingan Tinju

Teu ngahaja, Abu Nawas ningali loba pamflet bewara di sisi jalan, anu eusina rek diayakeun pertandingan tinju ngalawan jawara kelas beurat. Ari hadiahna nyaeta sakilo emas.
Puguh we, Abu Nawas kapincut pisan ku hadiaha. Atuh teu talangke, terus bae daftar. Pas daftar, panitia kacida kagetna ningali pangawakan Abu Nawas anu jangkung leutik bari begang rek ngiluan tinju kelas beurat. "Naha teu sieun paeh?" Kitu dina pikiran panitia.
Singketna, jumlah peserta aya 10 urang, 9 urang geus dilumpuhkeu ku si jawara teu kungsi sajam. Tinggal saurang deui, Abu Nawas. Ngan aya kana lima kali digeroan, Abu Nawas teu nonghol.
Kulantaran ambek, isukna si jawara datang ka imah Abu Nawas. "Digusur siah ku aing," kitu dina pikirna. Barang nepi, katangen di imah Abu Nawas taya jelema saurang-urang acan. Gebeg teh, si jawara ngagebeg satarikna, sabab di hareupeun imah Abu Nawas aya sababaraha calana pondok paragi tinju anu badag kacida.
Aneh nya, ningali kitu si jawara ngadak-ngadak geumpeur campur keueung jeung sieun, atuh kawanina jadi down. Dina gerentesna: "Waduh, Abu Nawas pasti jangkung badag leuwih ti aing. Aing bisa paeh sakali neunggeul lamun kieu mah."
Ahirna si jawara ngundurkeun diri da sieuneun ku Abu Nawas. Ceuk panitia mah "WO" cenah. Ku sabab kitu, Abu Nawas diangkat jadi jawara. Nya puguh we meunang emas sakilo. Hahah...