Guyonan Sunda Raheut Suku
Tuti,
budak awéwé centil, dibawa ka rumah sakit, lantaran sukuna raheut gudawang urut
labuh tina motor. Dokter nyarita.
Dokter
: Néng, wayahna éta luka
kedah
dijait. Moal nyeri da dibaalan heula.
Tuti
: Mangga, Dok. Namung dijaitna hoyong ku benang koneng, nganggo rénda beureum,
teras dina sakuna hoyong nganggo gambar kembang. Sakantenan wéh diobras.
Dokter
: Ya salaaaam.
0 Komentar