Guyonan Sunda Sensus Penduduk
Hiji
mangsa aya petugas sénsus penduduk datang. Atuh aya sabagian warga anu bingung,
aya ogé nu keuheul sabab bulan kamari ogé geus sénsus.
Warga
: Jang, keur naon sénsus deui? Keur BLT atawa keur raskin?
Patugas
: Sanes, Kulan.
Warga
: Ari geus keur naon atuh? (rada nyentak)
Patugas
: (bari reuwas) Kanggo ngagentos lagu Rhoma Irama. Lagu nu lami "135 JUTA
PENDUDUK INDONESIA" tos kadaluwarsa. Janten hasil sénsus ieu diantos pisan
ku Kang Haji Rhoma Irama.
Warga
: Ya salaaaam.
0 Komentar